Rabu, 25 September 2013

Nata Acara Panganten Versi 1

PANATA ACARA SUNDA


1 . NALIKA PANGANTEN PARANTOS NGABARIS
Tawis bingah tanpa tanding , nu dianti ti bihari kiwari cunduk sumping . kalayan asmana kulawarga bapa …… miwah ibu ….. ngahaturkeun AHLAN WA SAHLAN WA MARHABAN BIQUDUMIKUM , bagea wilujeng sumping ka sadaya para taatamu calon pameget . ( langsung disambung bacaan sholawat bareng jeung panganten oge nu ngajemput  mulai jalan )
2 . NALIKA ROMBONGAN BESAN TOS PAHAREUP – HAREUP JARAK 1 METER
Sumangga ka ibuna neng ….. pados kapayun kanggo ngalungkeun mangle ka cep …… (nalika bade dikalungkeun kembangna ) ngucapkeun : saruntuy kembang kaasih , mugia ngaruntuy manjangkeun tatali wargi , mageuhan tali sillaturrahmi .
Sumangga ka sadaya rombongan tatamu kanggo ngaluuhan tempat anu parantos disayogikeun !
(bacaan sholawat diteruskeun deui nepi ka sadaya tamu merenah dina pangcalikan resepsi )
3 . NALIKA ROMBONGAN PANGANTEN LALAKI PARANTOS TARTIB CARALIK
Patali waktos parantos samporet , bawiraos paranteh tumaninah dina tempat sewang – sewangan , rupina acara seren tampi dina danget ieu seja dikawitan .
Assalamu Alaikum Warohmatullohi Wabarokatuhu (bubuka ku bahasa arab gumantung MC )
Bapa miwah ibu , sepuh jaler anom anu ku simkuring dipihormat
Tipayun sumangga urang sasarengan muji syukur ka alloh SWT anu parantos ngersakeun urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu patempatan , kanggo sami – sami nyakseni akad nikahna neng …. Putri ti pangersa bapa …. Miwah ibu ….. ka cep ….. putrana ti pangersa bapa ….. miwah ibu ……. , kalayan pinuh ku pangharepan mudah – mudahan Alloh SWT geusan maparin rohmat diwuwuh salam ka urang sadayana , Amiin Ya Robbal Aalamiin.
Sholawat sinareng salam pamugi salamina kahaturkeun ka rosul panutan alam nabi Muhammad SAW , ka kulawaargina , sahabatna , tug dugi ka ummat Mantenna anu salamina turut sareng tumut dugi ka poe qiamah.
Salajengna simkuring neda widi ngadeg dipayuneun para sepuh sadaya , wirehing simkuring kenging pancen salaku panata calagara seren tampi cep ….. ka sepuhna neng ….. di dieu. Kalayan urang sami - sami buka ku aosan basmallah , mudah – mudahan acara anu baris lumangsung aya dina kalancaran dugi ka rengse, bismillahirrohmanirrohim .
Aya babasan sepuh kapungkur mun mipit kudu amit , mun ngala kudu menta , datang katingali tarang , undur katingali pundur , tinangtos tatamu ngabujeng ka ieu patempatan  ngagaduhan pamaksadan  anu tangtu , kanggo ngawaler eta patarosan sumangga dihaturanan ka sulur sepuh ti para tatamu kanggo ngadugikeun kedal lisan pamaksadan .  (wawakil ngadugikeun pamaksadan )
4 . UCAPAN   SAATOS SAMBUTAN TI BESAN PAMEGET
Lisan pangjajap istuning natrat , tinangtos pangjajap kedah aya panghiap , panghiap nu rawuh cunduk . kanggo ngawler sadaya rupi pamaksadan anu nembe kahaturkeun ku sulur sepuh ti para tatamu , sumangga dihaturanan ka pangersa bapa ……. , kalayan sadaya sumangga dihaturanan .
5 . UCAPAN SAATOS LISAN PANAMPIAN
Kedal ilsan panampian nembe kahturkeun , manawi ku simkuring disimpulkeun batu turun kesik naek , kalapa tonggoheunnana , cep ……. Purun , neng ……. Daek sarua bogoheunnana , batu turun kesik naek , kebon kolot disapuan , cep ….. purun neng …… daek ku kolotna disaluyuan .
Salajengna seren tampi tawis kaasih tilam katresna secara simbolis anu baris kahaturkeun ti ibuna cep …… ka ibuna neng …….. kalayan sadaya hormat suka ibuna mangga ka ibuna cep ….. sareng ka ibuna  neng ….. supados kapayun , sementawis anu sapalihna tiasa diestapetkeun , ka anu kenging pancen kanggo nampi cacandakan sumangga supados ditartibkeun .
6 . UCAPAN SAATOS RENGSE SEREN SUMEREN BARANG BAWAAN
Para sepuh , pini sepuh hormateun simkuring
Sumangga urang sami sakseni lumangsungna akad nikah anu baris dilaksanakeun  di …….. , ka calon panganten pameget  kairing ingkang rama , sumangga dihaturanan . salajengna ka sadaya kasepuhan anu seja nyakseni sumangga dihaturanan linggih dina tempat anu parantos disayogikeun .
Salajengna , sateuacan lumangsungna akad nikad anu baris dijejeran ku petugas KUA kec …… geusan nambih - nambih kabarokahan khususna kanggo ka  anu baris diistrenan , umumna kanggo urang sadaya nu sami hadir sumangga  dangukeun aosan ayat suci Al-qur,an anu baris dihaturkeun ku pangersa / saderek ……. , ka pangersa / saderek  …… sumangga dihaturanan .
7 . UCAPAN SAATOS AOSAN AYAT SUCI ALQUR-AN
Rengse kapihatur aosan ayat suci Al-qur,an , salajengna  lumangsungna akad nikah anu baris dijejeran  ku petugas ti KUA kec ……, kalayan kahormatan waktos sagemblengna dihaturanan .
8 . UCAPAN SAATOS AKAD NIKAH
Alhamdulillah akad nikah rengse dilaksanakeun , sumangga urang sami – sami ngado’a  , mudah – mudahan dua panganten anu nembe diistrenan tiasa ngahontal hiji kahirupan rumah tangga anu sakinah , mawaddah , warohmah , amiiin ya robbal alamiin .
Salajengna ka dua panganten kairing sepuhna  dihaturanan linggih di tempat anu parantos disayogikeun kanggo nampi pangwilujeng ti sadaya para tatamu . salajengna ka sadaya  kasepuhan oge para tatamu dihaturanan kanggo sami –sami ngabageakeun ka dua panganten , dilajengkeun haturan sapulukaneun dina tempat anu parantos disayogikeun .
Pamungkas ti simkuring salaku panata calagara neda ageung pangapunten , tangtos salami ngajejeran acara seueur kakirangannana .
Wabillahi taufi walhidayah wassalamu alaikum Wr.Wb

0 komentar:

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Sidebar One

Followers

Blogger templates

Silakan Paste Kode Buku Tamu yang sudah di kopi tadi Di Sini

Copyright © 2012. ARMINAREKA BEKASI - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz