Rabu, 25 September 2013

NYERENKEUN PANGANTEN Versi 1

NYERENKEUN PANGANTEN

Puja nu janten pangedal rasa kasanggakeun ka Alloh Azza Wa Jalla , wirehing ngalangkungan widi Mantenna dina danget ieu urang sadaya tiasa sillaturahim magehan tatali wargi , kalayan harepan anu ageung mudah- mudahan Alloh SWT dina danget ieu geusan ngagunturan piwelas-Na ka urang sadaya . Amiin Ya Robbal alamiin.
Teu kakantun sholawat sinareng salam pamugi salamina kahaturkeun ka panutan alam , rosul akhir zaman nabi Muhammad SAW kairing para kulawargina , para sahabatna , tug dugi ka ummat –Na anu salamina turut tumut kana ajaran Manten-Na dugi ka akhir zaman.
Bapa miwah ibu , sepuh jaler anom anu ku simkuring dipihormat , utamina kulawedet pangersa bapa …. Miwah ibu………. Purwa pamaksadan tipayun simkuring neda widi sasanggem ngabantun asmana pangersa …..bapa miwah ……. Namun neda ageung pangapunten tipayun saupami basa simkuring kirang merenah ,kirang tata , kirang titi , duduga sareng peryogana kawantu simkuring sanes ahlina.
Salajengna , simkuring kairing rombongan dina danget ieu ngaraos bingah amarwata suta bingah kagiri –giri ,ngaraos kabingahan anu teu aya papada wirehing simkuring sarombongan gasik ditampi ,dibageakeun kalayan utami , nu janten tawis pangersa bapa … miwah ibu….. kairing sadaya wargi nu aya di dieu sararae manah, simkuring seja nyanggakeun pangdunga mudah –mudahan sadaya rupi kasaean anu parantos kahaturkeun pamugi kenging pangwales ti Alloh SWT , kalihna ti eta neda ageung pangapunten kadongkapan simkuring kairing rombongan parantos ngabarobihkeun ka sadayana.
Bapa miwah ibu ,sepuh jaler anom anu ku simkuring dipihormat
Salajengna enggal anu dipimaksad , rehna simkuring sarombongan jauh dijugjug , anggang hamo diteang ,ngengkey ngalet ngabandalet , ngemat nyatang pinang . basa kiwari nyebatkeun mapay jalan satapak ngajugjug kahiji lembur teu karasa capena patali simkuring tumpak mobil , teu aya sanes ngagaduhan pamaksudan anu tangtu , diantawisna :
Kahiji simkuring sarombongan seja nyanggakeun sillaturrahim wirehing masih aya tatali wargi saagami , kabengket dina aqidah anu sarua  kalimat dua kalimah syahadat , harepan anu ageung mudah –mudahan janten wasilah tausiqul ukhwah wal waahdah , langkung kiatna tatali wargi oge persatuan diantawis urang papada ummat islam .
Kaduana simkuring sarombongan ngabujeng ka ieu patempatan aya paripaos jauh dijugjug , anggang hamo diteang , ngeungkeuy ngaleut ngabandaleut , ngemat –ngemat nyatang pinang teu aya sanes seja nohonan janji anu parantos pasini ,nyambungkeun carita nu katunda wireh cep …. Sareng neng …… diwuwuh kusepuhna sewang –sewangan parantos ngayakeun hiji babadamian seja ngahijikeun tatali ati ku pamatri asih ,mengket kadeudeuh ku kameumeut geusan mungkas mangsa lalagasan sewang –sewangan , nya dina danget ieu simkuring asmana sepuhna cep ….. pangersa bapa …. miwah …. Ibu …. Seja nyanggakeun cep ….. ka sepuhna neng …… kanggo aya paripaos nyanggakeun cep ….. ti luhur sausap ketu buatan garut , ti handap sapatu buatan cibaduyut , ti tengah sausap anu murungkut , mung poma ka neng ……. Ulah disundut. Salajengna aya paripaos babasan sepuh kapungkur , MA FI HADZAL ALAM SYAIUN KAMIL , urang batawi nyebatkeun tiada gading yang tak retak , murangkalih di sakolaan nyebatkeun no bodys perfect , nu ngandung hartos yen di alam dunya ieu teu aya anu sampurna , pon kitu deui buktosna cep …. Sanaos ditingal tina yuswa mah parantos nyekapan jatukrami , waruga katingal dewasa ,saur sepuhna mah dedeg sampe rupa hade , namun ….. istu masih keneh atah , masih meryogikeun kana didikan sareng atikan kangge ngambah sagara kahirupan rumah tangga . patali sinareng hal eta simkuring asmana sepuhna cep …… neda ka kersana besan di dieu pamugi ulah kendat – kendat miwurukan , ngadeudeul ka pun anak dalah mandar janten wasilah tiasa ngahontal kahirupan rumah tangga anu sakinah , mawaddah , warohmah . Amiin Ya Robbal Alamiin.
Salajengna simkuring sarombongan upami ditingal tina abringan kalintang pisan seueurna dumeh kelebet kulawarga besar , minangka ngiring jajap tawis bingah salah sawios wargina dina danget ieu pinanggih sareng jodona , namung upami ditingal tina cacandakan mah aya paripaos istu teu nyandak jangjang jingjingeun , kelek kolekeun , kapal keupeuleun . Namun aya tawis kaasih , tilam kadeudeuh duka encit sacewir , jarum sapotong , pecah belah rumbah sadongkapeun , pamugi ditampi kalayan mudah –mudahan aya manfaatna khusus kanggo neng ….. umumna kanggo kulawarga di dieu.
Rupina kedal lisan pangjajap asmana bapa ….. miwah ibu ….. dicekapkeun sakitu , sateuacan simkuring mungkur neda ageung pangapunten tangtos basa simkuring kirang merenah teu luyu sareng adat kabiasaan di dieu pamugi age tawaquf.
Pamungkas urang sami – sami ngado’a mudah –mudahan dua panganten anu sakedapan deui baris diistrenan mugia tiasa ngahontal hiji kahirupan rumah tangga anu sakinah , mawaddah , warohmah .
Amiin Ya Robbal Alamiin .
Wabillahi Taufiq Wal-hidayah Wassalamu Alaikum Wr.Wb

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Komen di di blogku ya aasumfah.blogspot.co.id

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Sidebar One

Followers

Blogger templates

Silakan Paste Kode Buku Tamu yang sudah di kopi tadi Di Sini

Copyright © 2012. ARMINAREKA BEKASI - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz