Rabu, 25 September 2013

Papatah Kolot Baheula -5

  1. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
  2. Neangan luang tipapada urang
  3. Ulah nyaliksik ku buuk leutik
  4. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
  5. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian

  6. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
  7. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
  8. Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
  9. Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
  10. Miindung ka waktu, mibapa ka zaman
  11. Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
  12. Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
  13. Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
  14. Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
  15. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
  16. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
  17. Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
  18. Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
  19. Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina
  20. Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati

0 komentar:

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Sidebar One

Followers

Blogger templates

Silakan Paste Kode Buku Tamu yang sudah di kopi tadi Di Sini

Copyright © 2012. ARMINAREKA BEKASI - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz