Rabu, 25 September 2013

Papatah Kolot Baheula -6

  1.  Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
  2. Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
  3. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
  4. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan

  5. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
  6. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
  7. Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
  8. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel
  9. Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
  10. Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
  11. Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
  12. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
  13. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
  14. Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
  15. Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
  16. Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut
  17. Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan
  18. Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
  19. Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
  20. Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah

0 komentar:

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Sidebar One

Followers

Blogger templates

Silakan Paste Kode Buku Tamu yang sudah di kopi tadi Di Sini

Copyright © 2012. ARMINAREKA BEKASI - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz